Langsung ke konten utama

Postingan

Menampilkan postingan dari Desember, 2019

Imam Syafe'ei

"Sing saha anu miharep kahirupan dunya, mangka kudu dibarengan ku élmu. Jeung sing saha nu miharep kahirupan ahérat kudu dibarengan ogé ku élmu." "Ngaji jeung lenyepan saméméh anjeun nampa jabatan, lantaran mun anjeun geus nampa mah, mangka taya deui kasempetan pikeun anjeun ngaji sarta ngalenyepanana." "Pagawéan nu pangbeuratna téh aya tilu: Sikep béréhan nalika kaayaan sarwa sulit, Ngajauhan dosa mangsa keur sorangan, Ngucap bener di hareupeun jalma nu dipikasieun." "Kahadéan téh aya dina lima perkara: kabeungharan haté, sabar kana kagoréngan batur, nyiar rizki halal, taqwa, jeung yakin kana jangji Gusti Allah." "Pilar kapamingpinan téh aya lima : ucapan nu bener, nyimpen rusiah, nyumponan jangji, salawasna méré tetekon tur bisa amanah." "Jalma nu ngaji élmu faroid, jeung nepi kana ijajahna, mangka bakal onjoy minangka jalma ahli ngitung. Anapon élmu hadits, éta bakal bijil ajén kabarokahan sarta kahadéanna dina mangsa tutu

Nadom Anak Adam

- Anak adam anjeun di dunya ngumbara, Umur anjeun di dunya teh moal lila - Anak adam umur anjeun teh ngurangan, Saban poe saban peuting teh ngurangan - Anak adam anjeun paeh teh nyorangan, Cul anak cul salaki cul babarangan - Anak adam paeh euweuh nu di bawa, Ngan asiwung jeung boeh anu di bawa - Anak adam pasaran teh lolongseran, Saban poe saban peuting geugeuroan - Anak adam anjeun kaluar ti imah, Digarotong dina pasaran nu geunah - Aduh bapa aduh ibu abdi keueung,  Rup ku padung rup ku leumah abdi sieun - Anak adam di kubur teh leuwih poek,  Nu nyaangan di kubur teh maca Quran - Anak adam paeh anjeun di takonan, Malaikat munkar nakir nu nakona - Anak adam mun teu bisa ngawalona,  Ka malaikat nu dua nu nakona - Anak adam tangtu keuna eta gendir, Paneunggeul na malaikat munkar nakir - Anak adam lamun amal urang alus,  Eta tangtu di kubur teh leuwih mulus - Anak adam sing garetol maca Quran, Pidamareun di kubur teh maca Quran - Anak adam kaluar ti alam barzah, Waktuna